Sabtu, 04 April 2009

Saku Kamprét

 

KUSABAB diwarah ku indung diasakkeun ku ahlina, kuring bisa ngaji qiro’at. Sok sanajan teu alus-alus teuing, lumayan ari ukuran salembureun mah. Éta baé, méh unggal aya pangajian biasana ngahiras kuring pikeun bubukana. Geus puguh pangajian mingguan mah, sigana teu aya waktu nu kaliwat. Malah mun pareng aya halangan, isukna sok pada nganaha-naha. Majar téh, cenah dédéngéeun ku sora kuring.

Hiji mangsa kuring diangkir ngaji ku tatangga nu hajat. Kabeneran aya waktu, pangondang téh ditedunan. Dina waktuna, kuring ngaji saperti biasa. Turun tina panggung, diuk deui dina korsi asal. Ngan hanjakal, harita mah euweuh nu narik nu nakon, komo nyuguhan cai. Tapi, teu anéh kétah. Kajadian saperti kitu lain sakali dua kali. Remen malah. Tayohna nu boga hajat atawa nu ngatur acara, papada riweuh ku urusan séwang-séwangan. Atawa bisa jadi aya pamadegan, yén ngaji mah urusan agama, aya pakitna jeung nu maha kawasa. Cindekna tanpa pamrih dibarung rasa ihlas lilaahi ta’ala.

Pikiran kuring pagaliwota. Mun angger cicing di dinya, kateuteuari. Jaba tikoro asa garing. Geus puguh beuteung mah ti tadi gé kukurubukan. Ari ngejat kitu baé, sieun katanyaan. Pangpangna bisi dianggap teu ngajénan nu ngondang. Malah kapikir oge, boa-boa nu boga hajat téh keur neangan amplop bahankeuneun ka kuring.

Sabot anteng ngalamun, karasa aya nu nepak taktak. Barang direret, nu noél téh Mang Udin nu boga hajat téa. “Hatur nuhun, Jang,” pokna bangun sugema. Pantes kituna mah, mangsa kuring ngaji, nu hadir lir gaang katincak.

Panémbal téh cukup ku mésem, ma’lum kurang tanaga. Tapi ari haté mah rada guligah, asa jarang nu boga hajat ngaluangkeun waktu ngajak ngobrol. Kilang kitu, gedé harepan balikna diongkosan. Mikir kadinya, kuring pamitan. “Kaleresan atuh, abdi neda widi, bade teras wangsul,” cekéng bari nangtung.

“Naha énggal-énggalan teuing, Jang...” ceuk nu boga imah, sigana tamba kawaranan baé.

“Enjing badé ulangan, abdi kedah ngapalkeun...,” walon kuring bari memener kamprét.

Sabada ngucapkeun salam, kuring ngaléos. Sarérétan katingali Mang Udin kukusiwelan kana pesak calanana. Geus teg wé, manéhna téh nyokot amplop. Kukituna léngkah kuring dikendoran. Sugan jeung sugan, narima pameré téh teu di nu ramé teuing.

Lebah lawang pager, karasa saku kampret aya nu ngabedol. “Sawios atuh Mang, teu kedah ngarérépot,” ceuk kuring basa-basi bari ngalieuk ka tukang.

Kusabab malikna disakalikeun, saku kamprét ngabéréwék. Tetela nu ngabedol teh lain Mang Udin, tapi paku nu nolol dina pager. Ari Mang Udin mah katembong asup ka jero imah bari angger ngodokan saku calanana. Sigana lain neangan amplop, tapi gagaro.

Sarérétan katingali nu aya di dinya marésem bari ngabalieur, tayohna nyérangkeun kalakuan kuring.

Teu talangké, kuring ngageding balik bari nyakuan kaéra...***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar