Jurus Mang Oman
MEMANG teu salah jangji Mang Oman téh. Piduapoéeun deui disunatan, manehna geus mucunghul di imah kuring. Kusabab jawara téa, dangdanan kaluhur kampret, kahandapna pangsi, diiket barangbang semplak, dina cangkéngna ngagaplék bedog disarangkaan. Lintang ti kitu, datangna rébo ku babawaan dina tanggungan ti mimiti kalapa, sirsak, alpuket, tug nepi ka hayam naon ku hanteu. Bakat ku beurat, rancatanana kadéngé rerekétan.
Kabeneran, pasosoré harita kuring jeung bapa keur menerkeun pager, mokaha atuh bisa ngabagéakeun Mang Oman di buruan.
Sabada ngucapkeun salam, Mang Oman ngecagkeun tanggungan. Bari sasalaman téh sasadu ka bapa, “Hapunten Kang, kamari Si Ujang diwarah ku abdi...,” cenah pokna bari ngahegak, malum tas lalampahan jauh bari barangbawa nu beurat.
“Diwarah kumaha?” saur bapa siga nu can surti.
“Sina manggul nangka sadua-dua,”
“Keun bae atuh, ngaranna ge budak lalaki...,” walon bapa mésem, bari terus ngarérét ka kuring.
Kuring ukur seuri kéom. Ceuk pikiran, nu kitu mah lain ngawarah tapi nyiksa. Tong boroning budak, dalah kolot gé can tangtu kaduga.
“Tah, mun Ujang remen latihan barangbawa nu beurat, Mamang jeung Bapa moal hésé nurunkeun elmu ka hidep,” ceuk Mang Oman bari diuk dina bangku ngareureuhkeun kacape. Dititah ka jero mah teu daek, dadakuna hayang nuuskeun kesang nu maseuhan saawak-awak.
“Elmu naon tea, Mang?” cekéng nanya tamba kawaranan bae.
“Nya, naon deui kabisa Mamang jeung bapa hidep, lintang ti maenpo,” pokna deui bari nyuplak iket, terus dipake ngageberan dadana nu luut-léét ku késang. Geus kitu mah anteng ngadongéng urusan kadugalan.
Ari kuring kadua bapa mah tonggoy memener pager. Tapi sajeroning kitu, ari ceuli mah rancung ngadédéngékeun Mang Oman nu ngaguar pangalamanana, mangsa babarengan jeung bapa. Cindekna mah, manehna teh sobat bapa pangdalitna. Boh masantren boh diajar silat, sarua guruna sarua tempatna. Nu beda teh umur, Mang Oman leuwih ngora batan bapa.
Lebah ngadongéngkeun kasaktén, asa leuwih ramé batan dongéng silat dina radio. Teu kitu kumaha atuh, bari nyoroscos téh leungeunna hut-hét pepeta. Kadang-kadang dibarengan ku mesat bedog sagala. “Jadi, kiara sapuluh bégal mah cukup ku sajurus dua jurus. Komo nu bolostrong mah, sakali nepak gé moal burung ngajurahroh....,” ceuk Mang Oman mungkas dongengna kusabab ngoméan pager geus réngsé.
Siga nu dikomandoan, tiluanana leumpang moro panto tepas. Ari babawaan tamu mah ti tadi gé geus pada mérésan ku urang dapur. Tapi kakara gé sababaraha léngkah, katingali aya nu ngageleber, terus eunteup kana tonggong Mang Oman. Tétéla nu bieu hiber teh cucunguk.
Kusabab posisi kuring kahalangan ku bapa, niat rék néwak sakadang cucunguk teh bedo. “Punten, Mang, aya cucunguk dina tongging,” cekeng ngabejaan Mang Oman.
“Mana?” ceuk Mang Oman bari buringas. Bari pasang kuda-kuda, lengeun katuhu mesat bedog, ari leungeun kenca pakupis teu puguh nyingkahkeun cucunguk tina bajuna.
Kuring hareugeueun, teu ngarti. Piraku onaman jawara teu teurak ku pakarang masih sieun ku cucunguk? Barang ngarérét ka bapa, katingali ukur mésem.
“Kang, tulungan, Kang,” Mang Oman ngahelas pikarunyaeun, jurus-jurusna teu metu nyingkahkeun sakadang cucunguk nu ngarayap kana pundukna. Tapi nu dipéntaan tulung mah anggur ngabarakatak nyeungseurikeun.
Ningali kitu mah kuring gé teu tega. Ngan sakilat cukunguk ditewak bari terus dibelewengkeun ka kebon peuntaseun jalan.
“Geus teu aya cucungukna, Jang?” pokna siga nu tas manggih kasieun.
Ari kuring ukur mésem. Tetela, jawara téh talukna ku sakadang cucunguk.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar