Sabtu, 04 April 2009

Buku seri "kapiasem" siga comro. Aya nu resep, aya nu teu sedep. Aya nu nyebut asin teuing,  aya nu meunteun kurang mirasa. Tapi sok sanaos kitu, kira sarebu eksemplar buku tos aya di para pamaos.  Malah sababaraha urang nu kantos maca, ngahaja ngadongdon sim kuring pikeun medarkeun buku "kapiasem" terusanana. 
Ku kituna sim kuring nyobian nedunan eta pamundut ku buku seri "kapiasem" nu ayeuna mah dijudulan : "disunatan". Mudah-mudahan teu lami deui tiasa nepangan para pamaos. Sapalih di antawisna dicutat dina www.kapiasem.blogspot.com 
 

Jurus Mang Oman

 

MEMANG teu salah jangji Mang Oman téh. Piduapoéeun deui disunatan, manehna geus mucunghul di imah kuring. Kusabab jawara téa, dangdanan kaluhur kampret, kahandapna pangsi, diiket barangbang semplak, dina cangkéngna ngagaplék bedog disarangkaan. Lintang ti kitu, datangna rébo ku babawaan dina tanggungan ti mimiti kalapa, sirsak, alpuket, tug nepi ka hayam naon ku hanteu. Bakat ku beurat, rancatanana kadéngé rerekétan.

Kabeneran, pasosoré harita kuring jeung bapa keur menerkeun pager, mokaha atuh bisa ngabagéakeun Mang Oman di buruan.

Sabada ngucapkeun salam, Mang Oman ngecagkeun tanggungan. Bari sasalaman téh sasadu ka bapa, “Hapunten Kang, kamari Si Ujang diwarah ku abdi...,” cenah pokna bari ngahegak, malum tas lalampahan jauh bari barangbawa nu beurat.

“Diwarah kumaha?” saur bapa siga nu can surti.

“Sina manggul nangka sadua-dua,”

“Keun bae atuh, ngaranna ge budak lalaki...,” walon bapa mésem, bari terus ngarérét ka kuring.

Kuring ukur seuri kéom. Ceuk pikiran, nu kitu mah lain ngawarah tapi nyiksa. Tong boroning budak, dalah kolot gé can tangtu kaduga.

“Tah, mun Ujang remen latihan barangbawa nu beurat, Mamang jeung Bapa moal hésé nurunkeun elmu ka hidep,” ceuk Mang Oman bari diuk dina bangku ngareureuhkeun kacape. Dititah ka jero mah teu daek, dadakuna hayang nuuskeun kesang nu maseuhan saawak-awak.

“Elmu naon tea, Mang?” cekéng nanya tamba kawaranan bae.

“Nya, naon deui kabisa Mamang jeung bapa hidep, lintang ti maenpo,” pokna deui bari nyuplak iket, terus dipake ngageberan dadana nu luut-léét ku késang. Geus kitu mah anteng ngadongéng urusan kadugalan.

Ari kuring kadua bapa mah tonggoy memener pager. Tapi sajeroning kitu, ari ceuli mah rancung ngadédéngékeun Mang Oman nu ngaguar pangalamanana, mangsa babarengan jeung bapa. Cindekna mah, manehna teh sobat bapa pangdalitna. Boh masantren boh diajar silat, sarua guruna sarua tempatna. Nu beda teh umur, Mang Oman leuwih ngora batan bapa.

Lebah ngadongéngkeun kasaktén, asa leuwih ramé batan dongéng silat dina radio. Teu kitu kumaha atuh, bari nyoroscos téh leungeunna hut-hét pepeta. Kadang-kadang dibarengan ku mesat bedog sagala. “Jadi, kiara sapuluh bégal mah cukup ku sajurus dua jurus. Komo nu bolostrong mah, sakali nepak gé moal burung ngajurahroh....,” ceuk Mang Oman mungkas dongengna kusabab ngoméan pager geus réngsé.

Siga nu dikomandoan, tiluanana leumpang moro panto tepas. Ari babawaan tamu mah ti tadi gé geus pada mérésan ku urang dapur. Tapi kakara gé sababaraha léngkah, katingali aya nu ngageleber, terus eunteup kana tonggong Mang Oman. Tétéla nu bieu hiber teh cucunguk.

Kusabab posisi kuring kahalangan ku bapa, niat rék néwak sakadang cucunguk teh bedo. “Punten, Mang, aya cucunguk dina tongging,” cekeng ngabejaan Mang Oman.

“Mana?” ceuk Mang Oman bari buringas. Bari pasang kuda-kuda, lengeun katuhu mesat bedog, ari leungeun kenca pakupis teu puguh nyingkahkeun cucunguk tina bajuna.

Kuring hareugeueun, teu ngarti. Piraku onaman jawara teu teurak ku pakarang masih sieun ku cucunguk? Barang ngarérét ka bapa, katingali ukur mésem.

“Kang, tulungan, Kang,” Mang Oman ngahelas pikarunyaeun, jurus-jurusna teu metu nyingkahkeun sakadang cucunguk nu ngarayap kana pundukna. Tapi nu dipéntaan tulung mah anggur ngabarakatak nyeungseurikeun.

Ningali kitu mah kuring gé teu tega. Ngan sakilat cukunguk ditewak bari terus dibelewengkeun ka kebon peuntaseun jalan.

“Geus teu aya cucungukna, Jang?” pokna siga nu tas manggih kasieun.

Ari kuring ukur mésem. Tetela, jawara téh talukna ku sakadang cucunguk.***

Lini

 

SAPERTI  kalolobaan imah di lembur harita, imah kuring gé masih panggung kénéh. Jangkungna kira satengah méter tina taneuh. Mokaha, bisa dipaké ulin ku barudak pantaran kuring. Padahal sabagian lahanna dipaké ngukut hayam, éntog, meri atawa soang. Nu matak teu aneh mun awak kuring sapopoé barau bari lagedu. Ma’lum remen ulin dina kandang inguan.

Basa kuring rék disunatan, bapa kuring ngangkir Pa Erté jeung sababaraha urang tatangga nu pangdeukeutna pikeun ngabadamikeun waktu jeung sagala kaperluan hajat. Badami téh pabeubeurang, kusabab ngadadak téa. Pangpangna, bawaning ngarasa atoh pédah kuring purun disunatan.

Teu lila nu gempungan téh geus mitembeyan. Nyaho sonénan, pedah wé kuringna aya di kolong tepas keur ngala undur-undur. Saha nu hadir jeung saha nu cacarita, kuring mah apal kabéhanana. Geus pasti kituna mah, kusabab maranéhanana lain urang jauh. Meh unggal poé idek liher di imah kuring.

Kira sawatara jongjonan, karasa imah téh ngariyeg. Kekebul tina palulupuh muruluk maruragan. Malah paketrokna sora cangkir jeung tatakanana atra kadéngé ka kolong. Teu talangké kuring kaluar bari ngagorowok, “Aya lini, aya lini!” cekéng bari terus lumpat ka buruan.

Sigana peta kuring harita kabireungeuh ku nu séjén. Buktina baé nu araya di imah patinggarajleng kalaluar. Malah lain ti imah kuring bae nu rabul téh, tatangga gé aya nu kabawakeun kaluar ti imahna sewang-sewangan.

Tapi anéh, nu keuna ku lini téh ngan imah kuring wungkul. Imah nu séjén mah teu kunanaon. Malah sabada ditelek-telek, nu eundeur téh ngan bagian tepas. Ari enggon gigireunana mah teu rengrot-rengrot.

Antukna nu araya di dinya kaasup kuring panasaran, naon sababna tepas imah bét inggeung. Teu talangké kuring nuturkeun kolot-kolot nu aya di dinya, ngintip tina lawang panto nu muka kénéh. Tétéla di tepas téh masih aya Bah Dira, nu teu kabawakeun lumpat siga nu séjén. Awana nu jangkung badag siga nu tanpa daya, ngaléhléh dina korsi bari ngaguher kérék. Ngan édas wé, bari tibra téh sukuna mah édég nojéran palupuh.

“Pantes atuh Bah Dira édég. Untung teu rugrug gé...,” ceuk nu araya di dinya méh raéng. Sawareh di antarana nyeungseurikeun kajadian bieu.

Nu diseungseurikeunana mah angger ngaguher.***

Saku Kamprét

 

KUSABAB diwarah ku indung diasakkeun ku ahlina, kuring bisa ngaji qiro’at. Sok sanajan teu alus-alus teuing, lumayan ari ukuran salembureun mah. Éta baé, méh unggal aya pangajian biasana ngahiras kuring pikeun bubukana. Geus puguh pangajian mingguan mah, sigana teu aya waktu nu kaliwat. Malah mun pareng aya halangan, isukna sok pada nganaha-naha. Majar téh, cenah dédéngéeun ku sora kuring.

Hiji mangsa kuring diangkir ngaji ku tatangga nu hajat. Kabeneran aya waktu, pangondang téh ditedunan. Dina waktuna, kuring ngaji saperti biasa. Turun tina panggung, diuk deui dina korsi asal. Ngan hanjakal, harita mah euweuh nu narik nu nakon, komo nyuguhan cai. Tapi, teu anéh kétah. Kajadian saperti kitu lain sakali dua kali. Remen malah. Tayohna nu boga hajat atawa nu ngatur acara, papada riweuh ku urusan séwang-séwangan. Atawa bisa jadi aya pamadegan, yén ngaji mah urusan agama, aya pakitna jeung nu maha kawasa. Cindekna tanpa pamrih dibarung rasa ihlas lilaahi ta’ala.

Pikiran kuring pagaliwota. Mun angger cicing di dinya, kateuteuari. Jaba tikoro asa garing. Geus puguh beuteung mah ti tadi gé kukurubukan. Ari ngejat kitu baé, sieun katanyaan. Pangpangna bisi dianggap teu ngajénan nu ngondang. Malah kapikir oge, boa-boa nu boga hajat téh keur neangan amplop bahankeuneun ka kuring.

Sabot anteng ngalamun, karasa aya nu nepak taktak. Barang direret, nu noél téh Mang Udin nu boga hajat téa. “Hatur nuhun, Jang,” pokna bangun sugema. Pantes kituna mah, mangsa kuring ngaji, nu hadir lir gaang katincak.

Panémbal téh cukup ku mésem, ma’lum kurang tanaga. Tapi ari haté mah rada guligah, asa jarang nu boga hajat ngaluangkeun waktu ngajak ngobrol. Kilang kitu, gedé harepan balikna diongkosan. Mikir kadinya, kuring pamitan. “Kaleresan atuh, abdi neda widi, bade teras wangsul,” cekéng bari nangtung.

“Naha énggal-énggalan teuing, Jang...” ceuk nu boga imah, sigana tamba kawaranan baé.

“Enjing badé ulangan, abdi kedah ngapalkeun...,” walon kuring bari memener kamprét.

Sabada ngucapkeun salam, kuring ngaléos. Sarérétan katingali Mang Udin kukusiwelan kana pesak calanana. Geus teg wé, manéhna téh nyokot amplop. Kukituna léngkah kuring dikendoran. Sugan jeung sugan, narima pameré téh teu di nu ramé teuing.

Lebah lawang pager, karasa saku kampret aya nu ngabedol. “Sawios atuh Mang, teu kedah ngarérépot,” ceuk kuring basa-basi bari ngalieuk ka tukang.

Kusabab malikna disakalikeun, saku kamprét ngabéréwék. Tetela nu ngabedol teh lain Mang Udin, tapi paku nu nolol dina pager. Ari Mang Udin mah katembong asup ka jero imah bari angger ngodokan saku calanana. Sigana lain neangan amplop, tapi gagaro.

Sarérétan katingali nu aya di dinya marésem bari ngabalieur, tayohna nyérangkeun kalakuan kuring.

Teu talangké, kuring ngageding balik bari nyakuan kaéra...***